Sabtu, 07 Agustus 2021

Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Sem. Ganjil

 Berikut Contoh Soal PTS Bahasa Sunda SMP Kelas 8 Sem. Ganjil Kurikulum 2013 + Jawaban :




SOAL UTS 1 SMP/MTS BAHASA SUNDA KELAS VIII

I. PILIHAN GANDA
Bacaan pikeun soal no 1--3

Sunda Tandang

Yasana: Yayat Hendayana
Geura tabeuh goong maneh jalu
Ngadu handaru jeung sora goong nu lian
Malar batur nyarahoeun
Hidep teh geuning teu pireu
Lain mangsana
Urang ngadedempes hees
Dina wanci kudu nyaring
Lain wayah urang leah
Balap mandeurikeun maneh
Majar teh da lain eleh
Tong katalikung ku tukang
Mangsa di cancang ku tambang
Beunang ngarara sorangan
Hese incah hese lengkah
Di cangreud ku sarwa ulah
Akon-akon adi luhung
Geura tabeuh goong maneh, jalu
Geus mejehna nepak dada
Baheula di carek soteh
Keur jaman silih eledan
Ayeuna mangsana tandang
Nu cicing wayahna nyisi
PUAH!
Geura teuneung geura ludeung
Geura nyora sing pertentang
Anjeun mah lain bagejid , jalu
Tapi jangkrik siap tarung,
PRUNG!
1. Dina sajak di gigir aya kecap “perténtang” anu ngandung harti....
a. Tarik jeung jelas  c. tong soraan
b. kudu laun            d. asal waé

2.“Lain mangsana urang ngadedempés héés” Ungkara di gigir nuduhkeun yén...
a. waktuna urang saré
b. loba jalma anu keur héés
c. waktuna urang tampil jeung mintonkeun kabisa
d. geus sakuduna urang ngéléhan, keun wé batur anu maju mah

3.Kacindekkan tina eusi sajak di gigir, nya éta urang sunda...
a. mah éléhan
b. teu kudu bisa nanaon
c. kudu ngomong sakarepna
d. kudu sagala bisa jeung gedé kawani

4.Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu, nya éta....
a. Pupuh              c. Sawér
b. Tembang            d. Kawih

5. Debat téh dina seuhseuhanana silihasongkeun pamadegan pikeun neangan bebeneran. Tah porum debat dina basa Sunda sok di sebut...
a. gempungan                  c. ngobrol 
b. gotrasawala                d. adu renyom

6. Jumlah engang dina sapadalisan disebut....
a. Juru lagu                      c. Juru Kawih
b. Gurulagu                      d. Guru wilangan

7. Sedengkeun sora Vokal dina tungtung padallisan disebut...
a.Juru lagu                      c.  Gurulagu
b. Juru Kawih                  d. Guruwilangan

8. Anu ka asup pupuh sekar ageng, nya eta iwal…
a. Kinanti                         c. Asmarandana
b. Sinom                          d. Magatru

9. Peserta dina diskusi disebut.....
a. pamilon                       c. penata acara
b. moderator                    d. MC

10. Dihandap ieu nu bisa dijadikeun laporan lalampahan, iwal ti lalampahan...
a. Ngalalana                     c. wisata/hiburan 
b. Kadinesan                    d. riwayat panyakit

Link Doewnload soal full 

0 comments:

Posting Komentar

popcash